Sajak Anak jeung Bapa

Bibilasan 



Apa….  

Mangsa langit angkeub, haleungheumna lir hate kuring…

Murubutna cipanon gambaran jumeritna ati kuring…

Maseuk, Pa…


Waktos maparin wartos….

Ratug jajantung, ngarakacak…


Teu karaos murubut cisoca…

Ringhak kuring henteu kendat raat…


Apa….

Kuring emut keneh, mangpirang-pirang kanyaah Apa… 

Masih natrat na ingetan, cimata wening asihna nu janten Bapa ka Anak…


Naha bet kedah ayeuna Apa?

Ti kawit ayeuna, saha atuh nu bade ngajaga kalih ngariksa simkuring?


Emmh… Teu wasa nandangana Pa…


Sungkawa taya kendatna

Gudawangna manah taya landongna

Tapi srangenge tos kantenan surup

Takdir teu bisa dipungkir

Da gening hirup mah digupay-gupay ku waktu


Nun Gusti, muga asih taya kendatna. Natrat manjang ka anjeuna… 


Apa….

Kuring ukur cumalimba, batu ngangres. 

Saban wanci ngantu bulan di buruan.

Saban wayah nyipta salira nu miang teu deui mulang.


Nganteng dunga salawasna

Muga jaga pareng tepang


- Neng Bunga -


-----------------------------------------------------------

Buah Hate


Anaking buah hate Apa…

Deudeuh teuing geulis…


Sok sanajan teu kedal, ku Apa karaos gudawangna hate hidep…


Neng Bunga, nu dipikameumeut…

Kanyaah Apa…


Ieu hate ratug. Ngarakacak…

Nyeuit geulis… Saha atuh nu palay papisah?


Apa emut keneh kumaha imutna, dumalingdingna hidep….

Ngangres anaking…. 


Hampura Apa...

Ieu hate jumerit. Beurat….


Eneng, kanyaah Apa…

Kolot mah tanangka pinuh hariwang. 

Baluas geulis. Melang ka nu jadi anak. 


Ieu tos bagean Apa...

Ayeuna Apa bade wangsul ka nu saestuna. 

Apa titipkeun hidep dinu panyalindungan, pangriksa sareng katresnan Alloh…


Mugi, Pangeran salawasna ngalungsurkeun kabagjaan kangge hidep... 

Mugi hidep dipasihan mangpirang-pirang kanyaah nu taya kendatna…


Kanyaah Apa salamina marengan…


- Apa -

__________________________________________


Al-Fatihah kangge Ayah Gani Mulyana Bin Atje Lili

Hatur nuhun ka Enay, Aka Dhany, kalih Abang Yus

Bagikan Artikel Ini

Posting Komentar

1 Komentar

  1. Al-fatihah..
    Murupuy cipanon..emut ka pun bapak...😢😭

    BalasHapus
Emoji
(y)
:)
:(
hihi
:-)
:D
=D
:-d
;(
;-(
@-)
:P
:o
:>)
(o)
:p
(p)
:-s
(m)
8-)
:-t
:-b
b-(
:-#
=p~
x-)
(k)